Friday 24 October 2008

dirimu...




anjeun nu kungsi ngancik na ati kiwari leungit dipapag wanci
anjeun nu kungsi maturan poe anu pinuh ku srangenge katut peuting jempling nu pinuh ku asih nu ngadalingding kiwari mecat di sukma mecat di tineung ningalkeun himeng jeung keueung..
sanajan janji masih ngagurat di getih jeung di urat..sanajan sumpah masih ngagedat di digamping ati..moal rek nagih
lain kuring teu wasa neang lain kuring teu wani nandang..rumasa kuring teu nyangcang anjeun nu pundung ..

No comments: